Pun bapa abdi wastana Indratama Alimi. Pun bapa abdi tinggal di Villa Ciomas Indah Blok H4/08 sareng abdi jeung kulawarga. Pun bapa abdi teh babar di Bandar Lampung, 8 September 1971. Pun bapa abdi teh putra bungsu ti tujuh saderek, ti pasangan Alimi Hasali jeung Karlina.
Keur kapungkur, pun bapa abdi teh cicing di Bandar Lampung sareng kaluwarga. Pun bapa abdi teh sakola SD di SDN 2 Bandar Lampung. Sawaktos SD, pun bapa abdi teh sok ameng ka gunung, manjat tangkal atawa nyerat wasta di batang tangkal. Waktos SMP, pun bapa abdi sakola di SMPN 5 Bandar Lampung. Pun bapa abdi lebet ka ditu, ku margi eta teh mangrupa sakola negeri favorit se-Bandar Lampung. Sawaktos SMA, pun bapa abdi sakola di SMA Kesuma Yudha. Pun bapa abdi nyandak jurusan IPS. Di SMA, pun bapa abdi teh aktif dina organisasi kelas. Anjeunna janten Wakil KM waktos kelas XI jeung KM waktos kelas XII.
Waktos umur 20 taun, pun bapa abdi ngarantau ka Malang, kanggo neraskeun kuliah ka P4B atawa jalmi sok tiasa nyebut Pusat Pendidikan Perhotelan jeung Pariwisata Bali. Pun bapa abdi kuliah di ditu dugi ka tamat D1.
Sawaktos umur 23 taun, pun bapa abdi damel di Ramayana Garden Hotel, Batam. Umur 24 taun, pun bapa abdi neraskeun damel di Lido Hotel, Bogor, nu akhirna kapendak sareng pun biang abdi.
Sakitu biografi nu abdi tiasa sampekeun. Hapunteun upami aya kalepatan, boh eusi boh basa nu digunakeun ku abdi.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar