15_09

Pancen Bahasa Sunda: Biografi Babaturan

Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun biografi salah sahiji babaturan abdi nu wastana Almira Bilqis Butsainah. Anjeunna teh babar di Bogor, 19 Oktober 2000. Anjeunna mangrupa putri sulung ti dua saderek, ti pasangan Alan jeung Tini. Anjeunna cicing di Ciomas, Jl. Pintu Ledeng sareng kaluwargana.

Sawaktos SD, anjeunna sakola di SDN Panaragan 1. Kabiasaanna kapungkur di SD nyaeta ameng karet dina aula sakola. Waktos SMP, anjeunna sakola di SMPN 7 Bogor. Anjeunna jeung abdi teh wauh ku margi abdi jeung anjeunna satu kelas pas kelas 7. Teu lila, abdi jeung anjeunna deukeut. Abdi geus nganggep anjeunna sapertos saderek sorangan, begitu pun sabalikna. Lamun abdi aya masalah, pasti sok curhat ka anjeunna. Sabalikna, lamun anjeunna aya masalah, pasti sok curhat ka abdi. Pokona mah, anjeunna salah sawios babaturan abdi nu abdi pikaresep.

Ayeuna, anjeunna sakola di SMK BORCES. Anjeunna teh ngambil jurusan tata boga. Anjeunna hobi ngacover lagu jeung nembang lagu Korea. Cita-cita anjeunna nyaeta hoyong cios dokter. Sanajan teu sasakola deui,  abdi jeung anjeunna tiasa komunikasi lewat handphone atawa media sosial.

Sakitu biografi nu tiasa abdi sampekeun. Hapunteun upami aya kalepatan, boh eusi boh basa nu digunakeun ku abdi.

Pancen Bahasa Sunda: Biografi Pun Biang

Pun biang abdi wastana Wiratna Wahir. Pun biang abdi teh babar di Bogor, 16 September 1974. Pun biang abdi teh putri ka tujuh ti sapuluh saderek, ti pasangan Wahir jeung Aminah.

Keur kapungkur, pun biang abdi teh sakola SD di SDN Cibuluh 2. Pun biang abdi sakola di ditu ku margi sakola eta teh pang caketna ti bumi pun biang abdi. Sawaktos SMP, pun biang abdi teh sakola di SMPN 8 Bogor. Pun biang abdi lebet ka ditu, ku margi eta teh mangrupa sakola negeri jeung lokasina strategis ti bumi pun biang abdi. Waktos SMA, pun biang abdi sakola di SMAN 3 Bogor. Pun biang abdi teh milih ka ditu, ku margi eta teh mangrupa sakola negeri favorit jeung pun biang abdi teh hoyong ngenal Bogor langkung tebih. Pun biang abdi nyandak jurusan IPS. Sabenerna mah, pun biang abdi lebet ka jurusan IPA. Tapi, ku margi pun biang abdi kirang resep kana jurusan IPA, pun biang abdi teh ngalih ka jurusan IPS. Di SMA, pun biang abdi teh meunang PMDK atawa ayeuna mah urang sok nyebut SNMPTN. Pun biang abdi meunang PMDK ka Universitas Diponegoro. Tapi, ku margi tebih, aki sareng nini abdi teh teu mikeun pun biang abdi kuliah di ditu. Akhirna, pun biang abdi teh kuliah di Universitas Pakuan. Pun biang abdi nyandak jurusan hukum perdata. Pun biang abdi kuliah mung dua semester hungkul, ku margi aki abdi teh pupus.

Pun biang abdi kapungkur damel janten administrasi di salah sawios pausahaan kontraktor di Bogor. Ayeuna, pun biang abdi mung janten ibu rumah tangga di bumi.

Sakitu biografi nu abdi tiasa sampekeun. Hapunteun upami aya kalepatan, boh eusi boh basa nu digunakeun ku abdi.

Pancen Bahasa Sunda: Biografi Pun Bapa

Pun bapa abdi wastana Indratama Alimi. Pun bapa abdi tinggal di Villa Ciomas Indah Blok H4/08 sareng abdi jeung kulawarga. Pun bapa abdi teh babar di Bandar Lampung, 8 September 1971. Pun bapa abdi teh putra bungsu ti tujuh saderek, ti pasangan Alimi Hasali jeung Karlina. 

Keur kapungkur, pun bapa abdi teh cicing di Bandar Lampung sareng kaluwarga. Pun bapa abdi teh sakola SD di SDN 2 Bandar Lampung. Sawaktos SD, pun bapa abdi teh sok ameng ka gunung, manjat tangkal atawa nyerat wasta di batang tangkal. Waktos SMP, pun bapa abdi sakola di SMPN 5 Bandar Lampung. Pun bapa abdi lebet ka ditu, ku margi eta teh mangrupa sakola negeri favorit se-Bandar Lampung. Sawaktos SMA, pun bapa abdi sakola di SMA Kesuma Yudha. Pun bapa abdi nyandak jurusan IPS. Di SMA, pun bapa abdi teh aktif dina organisasi kelas. Anjeunna janten Wakil KM waktos kelas XI jeung KM waktos kelas XII. 

Waktos umur 20 taun, pun bapa abdi ngarantau ka Malang, kanggo neraskeun kuliah ka P4B atawa jalmi sok tiasa nyebut Pusat Pendidikan Perhotelan jeung Pariwisata Bali. Pun bapa abdi kuliah di ditu dugi ka tamat D1.

Sawaktos umur 23 taun, pun bapa abdi  damel di Ramayana Garden Hotel, Batam. Umur 24 taun, pun bapa abdi neraskeun damel di Lido Hotel, Bogor, nu akhirna kapendak sareng pun biang abdi.

Sakitu biografi nu abdi tiasa sampekeun. Hapunteun upami aya kalepatan, boh eusi boh basa nu digunakeun ku abdi.

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 7

6 September 2015


Poe ieu, abdi meuni bosen, sabab abdi teu kamana-mana. Abdi di imah ngan mantuan ibu nyeseuh baju, nyapu-nyapu, ngepel rumah, jsb.

Peutingna, abdi ngerjakeun MTK nu soalna loba. Geus loba beranak deui -_-|| Abdi ngerjakeun MTK nepi ka jam 11 peuting. Eta ge aya nu ncan .-. Ceuk ibu abdi, ngke weh lanjutan deui jam 3. Yanggeus abdi ka kamar geus kitu langsung sare.

Sakitu wae catatan harian ti abdi.


Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 6

5 September 2015


Poe kamari, abdi nyandak ijazah ka SMPN 7 Bogor. Akhirna, abdi bisa kapanggih jeung babaturan abdi pas SMP (*^_^*) Karak ge teu kapanggih sabulan, asa-asana teh teu kapanggih sataun. 

Pas kapanggih, abdi jeung babaturan abdi tuker carita, pangalaman di sakola anyar. Geus kitu, abdi selfie bareng jeung babaturan abdi. Maklum, lamun geus SMA mah, pasti hayang reunian ge hese. Lumayan jang kenang-kenangan ~>_<~

Sanggeus nyandak ijazah, abdi jeung babaturan abdi ulin ka Botani Square, atawa batur mah sok nyebutna 'Botas'. Di botas, abdi ka gramedia ngaturan babaturan abdi meuli novel jeung neangan novel nu abdi resep. Geus 10 menit neangan novel-novel di dinya, teu aya novel nu abdi resep. Jadi, baturan abdi weh nu meuli. Manehna meuli novel nu judulna 'Malam Minggu bersama Ayah' lamun teu salah mah.


Geus kitu, abdi jeung babaturan abdi ngadahar heula di food court nu aya di luhur. Lumayan jang ngaganjal beuteung nu geus bubunyian •﹏•

Geus beres dahar, abdi jeung babaturan abdi ngobrol heula di dinya, sambil nungguan makanan teh turun ka beuteung. Lamun geus bener-bener turun, abdi jeung babaturan abdi turun ka handap terus langsung balik ka imah masing-masing o(^^o)

Poe ieu, poe nu berkesan bagi abdi. Akhirna, abdi bisa ulin jeung babaturan abdi saharian. Sumagi weh engke bisa ulin deui dina lain waktu.

Sakitu wae catatan harian ti abdi

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 5

4 September 2015


Poe kamari, pas balik ti sakola, abdi jeung babaturan abdi mampir heula ka tatos, meuli majalah mangle. Di tatos, majalah mangle hijina 10 rebu. Padahal eta teh edisi taun 2012. Abdi tawar weh hijina jadi 5 rebu, tapi teu meunangeun. Abdi pan meulina bareng jeung babaturan abdi, abdi tawar weh 15 rebu dua nu akhirna menangeun ^∇^


Sakitu wae catatan harian ti abdi.

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 4

3 September 2015


Poe Kemis, abdi di tes olahraga sepakbola. Abdi di tes gerakan dasar sepakbola. Alhamdulillah tesna lancar, sanajan pas abdi tes, bolana teh kabawa angin wae, jadi abdi kudu ngejar-ngejar bolana -_-"

Sanggeus lalakina geus beres tes bola, kelas abdi meunang balik. Tapi abdi mah teu langsung balik, cicing heula di dinya. Sabab babaturan abdi nu kelas X1 ngajakan balik bareng. Yanggeus, abdi nungguan heula babaturan abdi nepi ka beres, baru balik ∪ˍ∪

Sakitu wae catatan harian ti abdi.

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 3

2 September 2015


Poe Rebo, poe nu loba ulangan harian di kelas. Rebo kamari, aya dua ulangan harian nu di laksanakeun di kelas abdi. Kahiji, ulangan lisan geografi bab 1. Urang kudu hapal nanaon wae nu aya di bab 1, terus kata-katana teh teu meunang make kata-kata sorangan, tapi kudu make kata-kata nu sarua jeung eusi buku. Untung weh abdi hapal sanajan aya nu pabeulit dikit. Jadi abdi lulus ulangan lisan geografi ^O^9

Kadua, ulangan basa Inggris. Hate teh ngadereg-deg pas asup ka ruangan. Tapi abdi positif thinking. Barusaha tenang ngerjakeun ulanganna. Sanajan teu pang bagusna di kelas, abdi puas. Toh nu penting mah nilaina di atas kkm:)

Sakitu wae catatan harian ti abdi.

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 2

1 September 2015
Poe ieu, kelas abdi teh di tes dialog inggris. Abdi jeung babaturan abdi kabagian nomor urut 4 di kelas. Pas maju ka hareup, abdi ngadereg-deg. Sabab abdi karak ngapalkeun dialogna isuk-isuk. Pas di goroan ku guru, abdi maju weh ka hareup, ngado'a supaya teu aya 'salah ucap' ti abdi.

Sanggeus abdi maju ka hareup, Alhamdulillah presentasi dialogna lancar, sanajan aya nu pabeulit. Abdi jeung babaturan abdi ngarasa bungah, sabab geus maju presentasi. Jadi bisa fokus kana tugas lain.

Sakitu wae catatan harian ti abdi.

15_08

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 1

31 Agustus 2015


Poe ieu, abdi jeung babaturan abdi qtime ka mie nampol nu aya di hareupan pom bensin deukeut SMAN 5 Bogor saenggeus balik ti sakola. Sakola abdi teh balik ti heula, ku sabab aya rapat di Mantarena. Lantaran masih jam 1 keneh, abdi jeung babaturan abdi akhirna ka mie nampol sakalian refreshing otak.

Balik ti mie nampol, perut abdi teh asa melekbek-melekbek lantaran makan mie nu level 5. Akhirna, abdi di bumi teu ngadaharan sambel deui. Walau kitu, abdi tetep seneng lantaran bisa main jeung babaturan anyar di SMAN 9 Bogor😙

Sakitu wae catatan harian ti abdi.