15_09

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 5

4 September 2015


Poe kamari, pas balik ti sakola, abdi jeung babaturan abdi mampir heula ka tatos, meuli majalah mangle. Di tatos, majalah mangle hijina 10 rebu. Padahal eta teh edisi taun 2012. Abdi tawar weh hijina jadi 5 rebu, tapi teu meunangeun. Abdi pan meulina bareng jeung babaturan abdi, abdi tawar weh 15 rebu dua nu akhirna menangeun ^∇^


Sakitu wae catatan harian ti abdi.

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 4

3 September 2015


Poe Kemis, abdi di tes olahraga sepakbola. Abdi di tes gerakan dasar sepakbola. Alhamdulillah tesna lancar, sanajan pas abdi tes, bolana teh kabawa angin wae, jadi abdi kudu ngejar-ngejar bolana -_-"

Sanggeus lalakina geus beres tes bola, kelas abdi meunang balik. Tapi abdi mah teu langsung balik, cicing heula di dinya. Sabab babaturan abdi nu kelas X1 ngajakan balik bareng. Yanggeus, abdi nungguan heula babaturan abdi nepi ka beres, baru balik ∪ˍ∪

Sakitu wae catatan harian ti abdi.

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 3

2 September 2015


Poe Rebo, poe nu loba ulangan harian di kelas. Rebo kamari, aya dua ulangan harian nu di laksanakeun di kelas abdi. Kahiji, ulangan lisan geografi bab 1. Urang kudu hapal nanaon wae nu aya di bab 1, terus kata-katana teh teu meunang make kata-kata sorangan, tapi kudu make kata-kata nu sarua jeung eusi buku. Untung weh abdi hapal sanajan aya nu pabeulit dikit. Jadi abdi lulus ulangan lisan geografi ^O^9

Kadua, ulangan basa Inggris. Hate teh ngadereg-deg pas asup ka ruangan. Tapi abdi positif thinking. Barusaha tenang ngerjakeun ulanganna. Sanajan teu pang bagusna di kelas, abdi puas. Toh nu penting mah nilaina di atas kkm:)

Sakitu wae catatan harian ti abdi.

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 2

1 September 2015
Poe ieu, kelas abdi teh di tes dialog inggris. Abdi jeung babaturan abdi kabagian nomor urut 4 di kelas. Pas maju ka hareup, abdi ngadereg-deg. Sabab abdi karak ngapalkeun dialogna isuk-isuk. Pas di goroan ku guru, abdi maju weh ka hareup, ngado'a supaya teu aya 'salah ucap' ti abdi.

Sanggeus abdi maju ka hareup, Alhamdulillah presentasi dialogna lancar, sanajan aya nu pabeulit. Abdi jeung babaturan abdi ngarasa bungah, sabab geus maju presentasi. Jadi bisa fokus kana tugas lain.

Sakitu wae catatan harian ti abdi.

15_08

Pancen Bahasa Sunda: Catatan Harian 1

31 Agustus 2015


Poe ieu, abdi jeung babaturan abdi qtime ka mie nampol nu aya di hareupan pom bensin deukeut SMAN 5 Bogor saenggeus balik ti sakola. Sakola abdi teh balik ti heula, ku sabab aya rapat di Mantarena. Lantaran masih jam 1 keneh, abdi jeung babaturan abdi akhirna ka mie nampol sakalian refreshing otak.

Balik ti mie nampol, perut abdi teh asa melekbek-melekbek lantaran makan mie nu level 5. Akhirna, abdi di bumi teu ngadaharan sambel deui. Walau kitu, abdi tetep seneng lantaran bisa main jeung babaturan anyar di SMAN 9 Bogor😙

Sakitu wae catatan harian ti abdi.